Sony Xperia E3 - Setelan kamera umum

background image

Setelan kamera umum

Langlangan setelan modeu nyandak gambar

Paneguh Pamandangan Otomatis

Optimalkeun setelan sangkan cocog ka pamandangan naon wae.

Manual

Atur setelan kamera sacara manual.

Epek AR

Candak poto ku pamandangan jeung karakter virtual.

Epek kreatip

Terapkeun epek ka poto atawa video.

Timeshift burst

Teang poto nu panghadena di antara urutan gambar.

Social live

Siarkeun video langsung ka Facebook™.

Panorama Sapu

Pake setelan ieu pikeun nyandak poto panorama nu juruna lega. Ketok we layar tur pindahkeun kamera

sing ajeg ti hiji sisi ka sisi nu sejen.

Paneguh pamandangan otomatis

Modeu paneguh pamandangan otomatis mariksa kaayaan pas Anjeun moto jeung

otomatis ngatur setelan jang mastikeun poto Anjeun alus.

Modeu manual

Pake modeu Manual upami Anjeun hoyong ngatur setelan kamera sacara manual jang

nyandak poto atawa video.

Epek AR

Anjeun tiasa nambahkeun epek AR (augmented reality) ka poto Anjeun tur nyieun poto

jadi leuwih rame. Setelan ieu ngidinan Anjeun ngagabungkeun pamandangan 3D ka poto

Anjeun basa Anjeun nyandak eta poto. Anjeun ngan milih pamandangan nu

dipikahoyong tur ngaluyukeun posisinan di jandela tempo heula.

Epek Kreatip

Anjeun bisa nerapkeun epek nu beda-beda kana poto atawa video Anjeun. Contona,

Anjeun bisa nambahkeun epek Nostalgia supaya poto jadi jiga heubeul atawa epek

Sketsa supaya gambarna jadi leuwih alus.

Timeshift burst

Kamera nyokot urutan 31 poto dina mangsa dua detik – sadetik saacan jeung

saenggeus Anjeun mencet kenop kamera. Jadi Anjeun bisa nempoan deui tur neangan

gambar nu pang alusna.

Social live

Social live nyaeta modeu pamakean kamera nu ngidinan Anjeun nyetrim video langsung

ka kaca Facebook™ Anjeun. Anjeun ngan kudu gaduh sambungan Internet aktip tur

asup ka Facebook™. Durasi video tiasa nepi ka 10 menit.

Buka rusuh

Gunakeun setelan buka rusuh jang muka kamera lamun layar dikonci.

Geotag

Tag poto sareng wincik tempat anjeun nyandak poto eta.

78

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Nyandak gambar ku noel

Nangtukeun area pokus, terus toel layar kamera make ramo Anjeun. Poto dicandak

langsung saatos Anjeun ngaleupaskeun ramo Anjeun.

Panyimpenan data

Anjeun tiasa milih pikeun nyimpen data Anjeun ka kartu SD nu tiasa dicabut atawa ka

panyimpenan internal alat Anjeun.

Panyimpenan internal

Poto atawa video disimpen ka memori alat Anjeun.

Kartu SD

Poto atawa video disimpen ka kartu SD.

Imbangan bodas

Pungsi ieu ngaluyukeun kasaimbangan warna nurutkeun kondisi cahya Ikon setelan

imbangan bodas sadia dina layar kamera.

Otomatis

Saluyukeun kasaimbangan warna sacara otomatis pikeun nyocogkeun ka kondisi pencahyaan.

Pijer

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi pencahyaan nu haneut, saperti di handapeun bohlam.

Caang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo pencahyaan fluoresensi.

Beurang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi di luar ruangan nu cerah.

Mendung

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo langit nu berawan.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.